Sunday, February 3, 2008

Naha Salah..?

Naha salah lamun kuring boga rasa...
Cinta..
salian ka anjeun.

Naha salah lamun kuring boga rasa...
deudeuh..
Salian ka anjeun.

Sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
Cinta akang moal unggut ka linduan...

Sapanjang anjeun satuhu maol rek midua
Cinta akang moal geudag kaanginan...

Cinta akang mah bulan nu nyaangan peuting,
Bakal aya salalawasna.
Cinta akang sarangenge nu maturan poe,
Bakal aya salalamina.

Ulah melang...
Ulah hariwang...
Akang deudeuh ka salira...


Flatku,
3 Jan 2008

No comments: